MAKALAH
Ngalestarikeun Budaya Sunda Kuda Renggong
KECAP PANGANTEUR
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
Puji sareng syukur mangga urang sanggakeun ka
hadirat Alloh SWT lantaran barkat rahmat-Na tiasa ngabereskeun ieu makalah kanggo nuntaskeun pancen ti Ibu Guru.
Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah
limpahkeun ka jungjunan alam nyaeta Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina
sareng ka sohabatna sareng mudah-mudahan dugi ka urang sadayana. Amin …
Rumaos seueur kakirangan dina ieu makalah, Abdi
sareng rerencangan miharep kamandang atanapi kritik enggoning ngaronjatkeun ieu makalah, Abdi sareng rerencangan oge
nyuhunkeun di hapunten bilih aya kakirangan sareng kalepatan dina panulisan ieu
makalah.
Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
BAB
1
BUBUKA
A.
Kasang
Tukang
Sairing kalawan kamajuan jaman, tradisi sareng
kabudayaan wewengkon anu ti mimitina dicepeng teguh, di pulasara sarta dijaga
di pulasara ku saban suku, kiwari atos ampir punah. umumna balarea rumaos
gengsi sareng isin lamun ngabela keneh sarta ngagunakeun budaya lokal atawa
budaya wewengkon.
Lolobana balarea milih kanggo mintonkeun sarta
ngagunakeun kasenian sarta budaya modern batan budaya anu asalna ti daerahna
sorangan, anu saestuna malahan budaya
wewengkon atawa budaya lokal anu luyu pisan kalawan kapribadian bangsa na. Maranehanana
langkung milih sarta pindah ka budaya sejen anu tacan tangtos luyu kalawan
kapribadian bangsa sumawona balarea langkung rumaos reueus ka budaya sejen
batan budaya anu asalna ti daerahna sorangan.
Tina permasalahan eta,abdi sareng rerencangan bade
ngabahas dina amakalah ieu nyaeta “ Ngalestarikeun
Budaya Sunda Kuda renggong".
B.
Tujuan
Tujuan ngadamel makalah ieu nyaeta pikeun
ngalaksanakeun tugas pelajaran bahasa sunda, salian ti eta pikeun nganyahokeun
naoan ari kasenian kuda renggong.
BAB
II
EUSI
Kuda Renggong
Kuda Renggong merupakeun salah sahiji seni pintonan
rakyat nu asalna asli ti Sumedang. Kata
“renggong” dinaseni ieu mangrupa metatesis tina kata ronggeng nyaeta kamonesan cara lengkah kuda nu meunang ngalatih keur
nari dina pirigan musik kendang. Kuda
ditumpakan ku budak sunat nu diarak.
Kasenian kuda renggong kapungkurmah disebat kuda
igel, margi si kuda tiasa ngigel. asalna kasenian ieu ti Desa Cikurubuk,
Kacamatan Buah Dua, Kabupaten Sumedang.
Di hareupeun rombongan Kuda Renggong aya saurang
Pelatuk, nyaéta salah saurang pamaén Kuda Renggong, anu matak minangka panunjuk
jalan sarta pupuhu koordinator iring-iringan.
A. Makna kuda renggong
·
makna spiritual nembongkeun sumanget nu
muncul ngarupakeun rangkaian upacara inisiasi ti saurang lalalki nu
disunat. Kakuatan kuda renggong
dipintonkeun ngabekas dina ati sanubari budak sunat tur pakean nu dipake budak
sunat model pakean gatot kaca ngarupakeun perlambang figur pahlawan anu
gagah.
·
Makna interaksi Sareng mahluk ciptaan pangeran nyaeta aya kesadaan
para pelatih kuda renggong dina mintonkeun kamampuan atraksi kuda,
teu saukur sawates binatang piaraan tapi oge diposisikeun salaku mahluk
pangeran nu diogo, dipiara, tur dibere pakean jeung sajabana.
·
Makna teatrikal nyaeta atraksi Kuda Renggong nu bisa silat, tari jeung
sajabana ngarupakeun sajian langka kusabab teu kabeh kuda bisa kitu.
·
Makna universal nyaeta tisaprak zaman
manusia wanoh jeung sato kuda, geus jadi bagian tina hirup manusa di unggal
bangsa nempatkeun kusa simbol kakuatan, kajantanan, kapahlawanan jeung nu
ngabogaan wibawa gede.
B. Pamaen kuda renggong
pamaen kuda renggong umumna nyaeta lalaki – lalaki
anu ngagabung dina hiji group anu diwangun ku hiji pamingpin, sareng hiji atawa
dua jalmi pamaen silat. Para pamaen ieu teh jalmi-jalmi anu ngagaduhan
katarampilan husus, sae dina ngibing atawa maenkeun waditra.
C. Tempat kuda renggong
Kasenian kuda renggong ieu umumna dipidangkeun dina
acara: khitanan, ngabageakeun tatamu agung, pelantikan sirah desa, perayaan
dinten kamerdekaan. Biasana dipigawe dina siang dinten sarta nguriling lembur.
D. Parabot kuda renggong
(1). Hiji dugi opat kuda anu atos kalatih jeung
kalengkapan anu kedah aya nyeta:
·
antawis (tempat atawa pakakas kanggo
diuk penunggang kuda)
·
seser (pembalut sirah kuda),
·
sanggawedi (pijakan suku kanggo
penunggang),
·
apis buntut (tali tahanan antawis anu
dihubungkeun kalawan puhu buntut kuda),
·
eles (tali kamudi kuda),
·
kadali (beusi anu dipasang dina sungut
kuda kanggo mengikatkeun tali kadali),
·
ebeg (hiasan antawis),sebrak (lapisan
handap antawis supados tonggong kuda henteu luka/lecet),
·
andong (beubeur anu dibeungkeutkeun ka
haturan beuteung kuda minangka penguat antawis supados henteu luduh ti tonggong
kuda);
(2) seperangkat waditra nyaeta:
·
dua buah kendang ageung (kendang indung sareng
kendang anak),
·
hiji terompet,dua ancak ketuk
(bonang),hiji bajidor,dua buah gong (ageung sareng alit),
·
hiji set kecrek,genjring,sarta ngapung
atawa dulang;
(3) baju pamaen kuda renggong nyaeta :
·
baju juru pengrawit (wiyaga).
baju juru pengrawit nyaeta
baju saragam bulao leungeun paos sarta setrit bodas,calana paos,tutup sirah iket
leher,jeung sandal.
·
baju pamaen silat (pengatik).
baju pamaen silat
nyaeta calana pangsi boga warna hideung,tutup sirah iket leher,sarta beubeur lawon
boga warna beureum
E. cara miara kuda renggong
Cenah miara kuda pikeun Kuda Renggong pohara
diutamakeunnana. Sajaba dibéré baranghakan jukut, ongok ogé dibéré madu, susu,
sarta endog. Surai-na ogé dipulasara sahadé-hadéna, diuntun maké pita sarta
dipasangan perhiasan anu cerah kalawan warna-warni anu éndah.
BAB
3
PANUTUP
A. Kacindekan
Ngalestarikeun kasenian sunda khususna kasenian
jawabarat kujalan make atawa diajar kana kasenian sunda, contona dina hal make
kana kasenian tradisional nyaeta nabeh lamun aya hajatan atanapi syukuran,Contona
Nabeh kuda renggong . Hal eta anu ngajanteunken urang ngalestarikeun budaya
sunda jawa barat.
B. Saran
Kanggo urang salaku siswa wajib nganyahokeun kana
kasenian sunda khususna kasenian kuda renggong. Dina hal ieu urang salaku siswa
kedah ngamumule kasenian eta ku cara diajar kasenian kuda renggong. Sareng kanggo alurang sanajan ngora keneh
urang kudu ngajungjung luhur kana kasenian daerah urang, ameh hanteu lengit
jeung teu kabawa ku jaman ayeuna. Seutikna alurang ngalestarikeun kucara apal
jenis musik anu di pake dina kasenian eta. Jeung urang kudu tiasa ngajungjung
budaya jeung kasenian mun bisamah nepi ka kancah nagara.
DAFTAR
PUSTAKA
·
https://su.m.wikipedia.org/wiki/Kuda_r%C3%A9nggong
·
https://www.sumedang.online/2010/03/seni-kuda-renggong/amp/
Post a Comment
Post a Comment